50 "Tatarucingan Sunda" tah Mank !!


tatarucingan sunda
Ieu yeuh 50 Tatarucingan Sunda tah mank !! saha wae anu bade hereuy sareng pun anak atawa dulur sadaya, biasana song milarian ide - ide kanggo eta pangulinan, tah ieu yeuh mank sakumpulan tatarucingan sunda anu ku abi di candak ti blog na tatangga sabelah.. mudah-mudahan rame nyak mank.. so atuh check this out 50 "Tatarucinga Sunda" tah Mank !!


Ieu Soal tatarucinga sunda na :
1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara.
2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
6. Bangku naon anu bisa didahar?
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!
8. Batu naon anu teu aya di cai?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet.
12. Hayam naon anu sukuna hiji?
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
15. Baso dibalikkeun jadi naon?
16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.
17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
20. Naon sababna ban mobil tina karet?
21. Sapi naon anu bau?
22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia?
23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
24. Pribumi di luar ari semah di jero.
25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.
26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun.
27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
30. Jam naon anu bisa nembang?
31. Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
32. Pare naon anu teu ngeunah?
33. Jalma meuli kasur keur naon?
34. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?
35. Kapas 2 kg, batu 1 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana?
36. Ku naon tukang baso nakolan mangkok?
37. Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.
38. Budak dugul asup kana embel.
39. Petina hiji, mayitna loba.
40. Kaca naon anu nyeri?
41. Naon sababna kareta api manjuna ngarayap?
42. Kaca naon anu seungit?
43. Kaca naon anu pangbeuratna?
44. Hayam naon anu keur jengke?
45. Ari sakintal bisa jadi sapuluh kilo?
46. Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?
47. Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna.
48. Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?
49. Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang?
50. Kaca naon anu sok disada?

ie jawaban tatarucingan sunda na mank
1. Toge
2. Hayam keur pawey
3. Korong
4. Sabab banna buleud
5. Sato nu nukangan tembok
6. Bangkuang
7. Rujak
8. Batu garing
9. Oray nu ngalegleg linggis
10. Aki-aki make iteuk jeung kacamata
11. Cau
12. Hayam nu keur jengke
13. Kareta api
14. Gede bohongna
15. Bahe
16. Sireum make helm
17. Peureum
18. Piring bolong
19. Manuk anu katincak
20. Mun tina coklat pasti digembrong sireum
21. Sapiteng
22. Piringatan 17 Agustus
23. Manuk anu katincak
24. Tukang beca jeung panumpang
25. Tai kotok napel dina tihang listrik
26. Kacamata
27. Hujan-heujeun
28. Kalangkangna
29. Buahenol
30. Jamrud
31. Tinggal turunna
32. Parea-rea omong
33. Keur beunta
34. Kutu
35. Nyeri sukuna
36. Ku sendok
37. Keretas
38. Cilok
39. Korek api
40. Kacabok
41. Mun nangtung mah nabrak kapal nu keur ngapung
42. Kacapiring
43. Kacalikan gajah
44. Hayam nu keur sondah
45. Bisa, lamun kiloanana ruksak
46. Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui.
47. Gitar
48.Balas cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup
49. Sabab teu make kaca spion
50. Kacapi
Di kutip ti blog na saudari Popon, nih alamat blog nya
http://pop.blogsome.com/2006/07/24/tatarucingan-2/

Mudah-mudahan ieu 50 tatarucingan sunda bisa masihan kasenangan lieur ka urang sadaya, pokonamah Hereuy tatarucingan Sunda is Fun !!!

6 komentar:

  1. Aralus tatarucingana.
    Tambah dai tatarucingan nana.

    BalasHapus
  2. punten kang anu no 23.Naon bedana sarimie jeung nini-nini? jawaban : 23. Manuk anu katincak
    kumaha gening jawaban na te nyambung ??

    BalasHapus
  3. manga cobi di waler
    "kuya" kuya naon nu jago tatarucingan?

    BalasHapus
  4. @Haha punten ah eta nu nomber 23 jiga na lepat.. sok atuh nu tiasa jawab pang ngawalerkeun ^_^..

    @taluk ah om.. kuya gaul panginten ^_^..

    BalasHapus
  5. ngahibur kang.... sampai seri babalakatakan/sampai ka ngompol jeung anu maca tatarucingan iyeu...


    wasslam abi Dany Grt.... samarang-pasirwangi

    BalasHapus
    Balasan
    1. ha ha ha maeunya bari ngompol atuh kang ha ha ha.. nya nuhun atuh upami pikaserieun mah ^_^..

      Hapus

Pilih ANONYMOUS
atau Name / URL : kasih nama aja URL gak usah kalo gak punya jika tidak punya akun. Terima kasih telah berkunjung dan semoga bermanfaat.

nb : komentar sebelum muncul akan di moderate dulu ya.. banyak spam.. ^_^.